Posts

Showing posts from 2011

EUIS

Ku: Zaky Mubarok Surti, Minceu Jeung Neng Inah (bagian katilu) Teuing sabaraha lila. Kami huleng jentul teu puguh pikiran. Masih kénéh mikiran sora awéwé tina jero hénpun. Asa rada wawuh kana sorana. Ngadadak uing inget ka Si Surti almarhum, Néng Inah jeung Si Minceu penyanyi dangdut, katut sakabéh sora awéwé nu pernah dalit dina ceuli. Diingetan deui. Rek teu dalit kumaha geura, Si Surti, tukang cocorowokan tengah peuting menta dianteur meuli bubur kacang. Atuh, saban peuting téh kami kudu unggah turun tangga. Pulang anting ka burjo, ka kontrakan Si Sisurti, ka kontrakan kami. Da puguh kontrakan si surti téh lain ngan sa tingkat. Kami oge kitu, beda imah wungkul. Mending lamun nu deukeut. Geus mun hayang nu jauh. Kahayangna leuwih-leuwih tibatan nu keur nyiram anak ka hiji. Nepi ka rék jungna isuk-isuk, peuting na téh tas ngagorowok menta dianteur meuli bubur ka pasar rebo. Jauh. Dianteur ku kami téh. Néng Inah, puguh deui si ieumah tukang ceurik dina telepun. Saban-saban nelpun past

EUIS

ku: Zaky Mubarok Hudang Sare Jeung Hénpun (bagian kadua) Jam genep harita téh. Wayah magrib. Sora hénpun jeung nu adan patarik-tarik ngajorowok gigireun ceuli. Harita ngahaja, neundeun henpun téh gigireun ceuli pisan, ngarah mun aya télpun ti manéhna bisa kajawab. Dua taun ka tukang ogé ngahaja, néangan kontrakan téh nu gigireun langgar. Minangkanamah ngarah rajin ka langgar. Tapi nu aya, malah solat gé loba dilanggar. Pas. Duanana kalakonan, kontrakan gigireun langgar. Persis, di lantai dua malahmah. Sapékérna ogé meni nyoro pisan kana jandéla. Hénpun, jeung ku kaparengan nepi ka boga tiluna. Hénpun masih kénéh silih témbal, tiluanana disada. Nu adan geus di ganti ku nu komat. Tadinamah rék di antép. Tapi panasaran, benéran kitu ti manéhna? Sok, hiji-hijii di ilikan, nudua jelas ngan saukur alarem wungkul, rét ka hénpun buhun, aya lima kalina teu ka jawab. Nu solat di langgar geus rengsé. Hénpun teu disada deui. Asa jadi hanjakal hudang. Ngimpi jadi kapotong, hawa tunduh masih meungk

EUIS

Ku: Zaky Mubarok Pésbuk (bagian ka hiji) Geus saminggu. Uing ngerem di jero kamar. Teu kunanaon, ngan pédah boga kaulinan anyar di kamar. uing boga jaringan internét gratisan. Kabeneran, kamar uing deukeut kampus, meunang jaringan hotspot ti kampus. Lumayan, bisa nyaho dunya internasional. Sok sanajan ti dunya maya, beiheung benér ogé. Sakapeung sok ngaunduhan pilem karesép saréréa, pilem jelma kawin. Komo ayeunamah cénah, keur ramé pésbuk. Saeutik-saeutik pésbuk, saeutik saeutik pésbuk. Boa-boa meureun loba warung internét gigireun kampus ogé gara-gara pésbuk. Malah nepi ka aya babasaan, gagara pésbuk, solat jumat jadi masbuk. Dina pésbuk, mang rupa-rupa jelema bisa dipanggihan, diajak ngobrol, diajak naon baé. Lah, pokonamah dunya hampir dina leungeun. Rék maén gim aya, rék néangan konco bisnis loba. Rék naon baé samentara bisa tina pésbuk. Ngan nu acan téh, kaperluan badan, mandi, dahar, nginum, miceun can bisa tina pésbuk. Tapi samentara, soal dahar jeung nginum geus teu kudu kalua