EUIS

ku: Zaky Mubarok

Hudang Sare Jeung Hénpun
(bagian kadua)

Jam genep harita téh. Wayah magrib. Sora hénpun jeung nu adan patarik-tarik ngajorowok gigireun ceuli. Harita ngahaja, neundeun henpun téh gigireun ceuli pisan, ngarah mun aya télpun ti manéhna bisa kajawab. Dua taun ka tukang ogé ngahaja, néangan kontrakan téh nu gigireun langgar. Minangkanamah ngarah rajin ka langgar. Tapi nu aya, malah solat gé loba dilanggar. Pas. Duanana kalakonan, kontrakan gigireun langgar. Persis, di lantai dua malahmah. Sapékérna ogé meni nyoro pisan kana jandéla. Hénpun, jeung ku kaparengan nepi ka boga tiluna.



Hénpun masih kénéh silih témbal, tiluanana disada. Nu adan geus di ganti ku nu komat. Tadinamah rék di antép. Tapi panasaran, benéran kitu ti manéhna? Sok, hiji-hijii di ilikan, nudua jelas ngan saukur alarem wungkul, rét ka hénpun buhun, aya lima kalina teu ka jawab. Nu solat di langgar geus rengsé. Hénpun teu disada deui. Asa jadi hanjakal hudang. Ngimpi jadi kapotong, hawa tunduh masih meungkeut dina mata. Uyuhan, geus poé katilu uing can saré bener.



Ah, kagok, ceuk pikir. Saré deui waé kitu? Tapi bisi aya ngebél deui. Jaba nomerna euweuh ngaranan. Rék dibalés ngebél, kabéh hénpun euweuh pulsaan. Maklum ahir bulan, ceuk pikir ngabubungah ka ayaan diri nu keur ripuh. Sempet kapikiran, Jual waé kitu hénpun téh. Ah…tapi bisi jiga baréto, pas boga hénpun dua. Nu hiji dijual pasosoré, nu hiji deuina tuluy aya nu nyokot poe isukna. Embung ah, sok sanajan aya sababaraha barang nu aya regaan mun dijual, uing moal ngajual barang nu geus pernah dipaké ku uing. Kajeunteuing dipeleter, dipaké nepi ka ruksakna.



*****

Jam salapan. Rada ngalamun bari mikiran saha nu tadi ngebél wayah sareupna. Tara tisasari. Dan lamun manéhna mah, biasana ogé jam sapuluh ka luhur. Malah tengah peuting. Saha atuh? Malaikat kitu. Ngabéjaan kudu hudang. Ah, pan geus diwakilan kunu adan. Antuknamah, nepi ka jam sawelas uing euweuh gawé. Mikiran saha nu ngebél. Mandi jadi wegah. Wayahna dahar jadi kaliwat. Mikiran ngimpi nu kapotong.



Hénpun disada deui. Nomer nu tadi. Buru-buru ku uing dijawab.

“Haloh, Kang!” ceuk sora awewe nu euweuh bungkeuleukna.

“Halo, saha?” ceuk kuring panasaran.

“Tut…tut…tut…” obrolan pegat.

Comments

Popular posts from this blog

EUIS

EUIS

Festival Kopi Flores tanggal 15-17 September 2016 di Bentara Budaya Jakarta, Palmerah Jakarta