EUIS

Ku: Zaky Mubarok

Surti, Minceu Jeung Neng Inah
(bagian katilu)

Teuing sabaraha lila. Kami huleng jentul teu puguh pikiran. Masih kénéh mikiran sora awéwé tina jero hénpun. Asa rada wawuh kana sorana. Ngadadak uing inget ka Si Surti almarhum, Néng Inah jeung Si Minceu penyanyi dangdut, katut sakabéh sora awéwé nu pernah dalit dina ceuli. Diingetan deui. Rek teu dalit kumaha geura, Si Surti, tukang cocorowokan tengah peuting menta dianteur meuli bubur kacang. Atuh, saban peuting téh kami kudu unggah turun tangga. Pulang anting ka burjo, ka kontrakan Si Sisurti, ka kontrakan kami. Da puguh kontrakan si surti téh lain ngan sa tingkat. Kami oge kitu, beda imah wungkul. Mending lamun nu deukeut. Geus mun hayang nu jauh. Kahayangna leuwih-leuwih tibatan nu keur nyiram anak ka hiji. Nepi ka rék jungna isuk-isuk, peuting na téh tas ngagorowok menta dianteur meuli bubur ka pasar rebo. Jauh. Dianteur ku kami téh.

Néng Inah, puguh deui si ieumah tukang ceurik dina telepun. Saban-saban nelpun pasti aya ceurikna. Rék teu ceurik kumaha coba, keur anteng-anteng nelpun –harita kami keur jadi korban nelepun gratis tengah peuting- der Si Surti ngajorowok ménta dianteur meuli bubur téa. Atuh jadi ceurik. Pajarna téh, ari téh Surti mani dibelaan waé, ari keur enéng iraha? Bari lamun kaparengan manéhna nelpun terus kami keur jeung Si Surti, manéhna sok eraeun. Pajarna téh, isin ku téh Surti, sok disebut romantis. Bari tutung-tung na téh sok ngomong, “Cik atuh Néng Inah, pangnyieun surat keur uing, ti Inah ka Surti. Hayang disuratan ku awéwé euy.” Kitu pokna téh. Der ceurik deui.

Lah, da ari Si Minceu Bahénol mah, kabéh ogé geus pada apal. Si éta mah penyanyi dangdut. Pasti rada gampang ngapalkeun sorana. Mun jaman ayeuna mah jiga penyanyi grup ben malay téa ningan. Mun keur cacarita téh, sok loba pisan pengkolan, tanjakan, pudunan, jalan tol…luar-léor wé lentong na téh. Mun kaparengan malem minggu, tur si minceu manggung, geus haransi, uing pasti naék ka panggung. Nyawér ti dituna mah. Bari keur nyawérna téh sok bari ngaharéwos, “Mimin, ké duitna balikeun deui nya. Kami keur cekak pisan. Malah mun ayamah tambahan keur mayar kontrakan.” Nu jelas mah kami hayang nangkeup Si Minceu Bahénol bari di lalajoanan ku batur. Iraha deui coba, nangkeup awéwé, dilalajoanan ku jalma rea. Ari lain keur maen tonil mah. Iraha atuh? Pan kalah sok ngahaja rék tatangkeupan téh, sok néngan tempat nu buni, suni, tur laluasa nyamunina. Da leungeun tara daek cicing dina tak-tak atawa dina cangkéng.

Éta awéwé nu tilu téh mun ceuk basa jaman ayeuna mah Té-Té-éM-an –tungkap-tangkeup meunang-. Ngan ti saprak Si Surti ningalkeun salilana, Si Minceu Bahénol -ngaran panggunggna éta téh, pan aslina mah Mimin Minarsih, urang sagalahérang, da katut ka tarang-tarangna ogé hérang bakat ku sering teuing diusapan jigana mah- tuluy ngaleungit. Si Néng Inah sarua, kitu ogé. Sanggeus lulus téh duanana ngalaleungit teuing ka mana. Teuing mun dibawa ku salakinamah. Éta ogé mun tuluy payu tas lulus téh. Pan sabot maranéhna kuliah téh, ulina jeung kami waé.

Taun ka tilu, bulan ka tilu, poé ka tiluwelas. Awéwé nutilu téh ngaleungit. Euweuh raratanana. Keur mah eukeur nu dua mah, teu indungan teu bapaan. Ti leuleutik hirup di jalan. Si Minceu nepi ka bisa kuliah téh ku ladang maceuhkeun sorana tiap malem minggu, sawaréh deuina meunang jajaluk ka kampus nu disebut béasiswa miskin téa, da nepi kudu aya tanda tangan RT sagala keur ngaenyakeun miskin. Si Néng Inah pon kitu deui, sawaréh deuina meunang tina laladang jadi palayan di warung dahar urang kulon. Sorabi ti Italia cenah mah. Ari si jenat, Si Surti, geus puguh éta mah babaturan ditataranjang ti keur sok ulin dina solokan hareupeun imah mang karta.

Nepi ka tengah peuting. Kami mikiran saha nu tadi nelepun. Moal kitu salah sahijina. Ah tapi da asa piraku. Nomer hénpun uing nu tilu téh pan anyar kabéh. Barina ogé tara karitu budak dua mah. Mun enya gé sono, tara nelepun. Sok tuluy ka datang wé ka kontrakan. Naha saha?

________***__________

Lamunan masih kakalayangan teuing ka mana. Ngingetan sora. Ngingentan rupa. Ngambeuan wasta. Kumalayang mukaan lambaran poe tilu taun katukang. Angin neumbragan jandela rada tarik. Seah dangdaunan pipireun kontrakan karasa asa nyurakan. Eak-eakan patembalan jeung ngirincisna girimis. Tuluy hujan jebras-jebris.

Saliwat asa aya nu ngalankang nyorang ingetan. Inget lebah wayah kieu. Tengah peuting. Hujan. kami di hareupeun computer. Ramo teu daek cicing mencetan papan hurup. Sakeupeung nyerengeh, sakapeung bulaham-belehem sorangan. Peuting lianna, kami di dilalajoan ku tipi. Teuing lagu nanahaon, nu penting tarik. Leungeun sarua teu daek cicing. Kamar acak-acakan. Baju, calana, jeroan, geus teuing di mana.

Euis. Euis kitu nu tadi téh? Hate leutik ngagerentes.

Comments

Popular posts from this blog

EUIS

Festival Kopi Flores tanggal 15-17 September 2016 di Bentara Budaya Jakarta, Palmerah Jakarta