EUIS

Ku: Zaky Mubarok

Pésbuk
(bagian ka hiji)


Geus saminggu. Uing ngerem di jero kamar. Teu kunanaon, ngan pédah boga kaulinan anyar di kamar. uing boga jaringan internét gratisan. Kabeneran, kamar uing deukeut kampus, meunang jaringan hotspot ti kampus. Lumayan, bisa nyaho dunya internasional. Sok sanajan ti dunya maya, beiheung benér ogé. Sakapeung sok ngaunduhan pilem karesép saréréa, pilem jelma kawin. Komo ayeunamah cénah, keur ramé pésbuk. Saeutik-saeutik pésbuk, saeutik saeutik pésbuk. Boa-boa meureun loba warung internét gigireun kampus ogé gara-gara pésbuk. Malah nepi ka aya babasaan, gagara pésbuk, solat jumat jadi masbuk.

Dina pésbuk, mang rupa-rupa jelema bisa dipanggihan, diajak ngobrol, diajak naon baé. Lah, pokonamah dunya hampir dina leungeun. Rék maén gim aya, rék néangan konco bisnis loba. Rék naon baé samentara bisa tina pésbuk. Ngan nu acan téh, kaperluan badan, mandi, dahar, nginum, miceun can bisa tina pésbuk. Tapi samentara, soal dahar jeung nginum geus teu kudu kaluar ti kamar, cukup ku sms ka tukang dagang anu aya di handapeun kamar uing, kadaharan dararatang. Geus jiga déliperi wé, ngan pédah bédana ieumah déliperi makanan murah.

Sakapeung, uing sok rada sararieun. Pan pésbuk teh, digunakeun ku sakumna jalma sadunya, berarti naon baé anu dilakukeun dina pésbuk kanyahoan ku dunya internasional. Jeung boa-boa di hiji tempat anu urang teu apal, aya tim anu khusus ngadata jelema-jelema numutkeun, sipat-sipatna, karesepna, pokona kabéh. Kan dina pésbuk naon waé aya, aya aplikasi naon karesep, naon anu teu diresep, naon kahayang, pokona aya kabéh. Tah, lamun geus dikelompokkeun kitu, pan berarti gampang nyérangna, tinggal disadiakeun sakabéh karesep tiap jelema, sangkan poho kana sagala rupa. Anu antukna jadi ketergantungan kana pésbuk, ketergantungan kana teknologi. Engkéna sakabeh bakal ngahalkeun sagala cara pikeun bisa muka pésbuk. Da akal budina geus ancur ku pésbuk.

Geus saminggu. Uing di jero kamar. mukaan pésbuk. Ah, boa-boa kuring geus beunang ku virus ketergantungan kana pésbuk. Anjrit. Stop. Samentara uing rék eureun heula. Geus kanyahoan, ti saprak ngomé pésbuk, uing tara kaluar kamar, hayang dahar jeung nginum tinggal sms ka warung di handapeun kamar. geus teu panggih jeung tukang saté, tukang baajigur, tukang goréngan. Jigana, munkabeh jelema jiga uing. Ancur dunya. Sabab, kabéh sibuk ngomé pésbuk, geus teu apal kaayaan sebudeureun imah, komo salembur. Parah. Uing kudu eureun heula. Kudu manggihan jelema heula. Sabab lila-lila bahaya, silaturahmi bisa putus gara-gara téknologi. Nu geus ka alaman ogé kitu. Kabaogoh uing , ku uing diputus keun téh pan gagara sms lain wayah, nelepon lain wayah, masih leuheung lamun eusina penting. Geus lain wayah, eusina ngan saukur “gut nite, love you”. Halah, geus puguh peuting,…geus puguh uing kabogohna. Sok sanajan sakapeung, alesana bisa dibenerkeun, “supaya kanda terasa dekat selalu” kitu pokna téh. Hayu atuh urang kawin, ngarah puguh unggal peuting aya gigireun. Pan angger nolak, alesana can siap jadi ibu rumah tangga, nu pastimah can siap dilédék telat kawin. Daripada rujit, mendingan enggeusan wé. Bébas.

Geuslah. Ayeuna rek eureun heula, uing rék kaluar kamar. can ge acan laptop teh dipehan, katempo aya pesen ayar dina pésbuk. Buka ulah? Buka ulah? Ah buka we heula…ké tos éta karak kaluar kamar.

“Aku lagi sedih, kamu OL dong, pliss. Aku lagi OL nih.” Kitu eusina pesen téh. Ti Mojang Bandung, da éta ngarana dina pésbukmah. Ahirna, paragi OL dina pésbuk di aktif keun deui, da geus meunang sapoé dipaéhan, sabab geus karasa rusing. Saeutik-saeutik aya nu ngajak ngobrol. Ramo leungeun mani asa geus sasanggaleun.

Geus saminggu. Uing OL jeung nu ngarana Mojang Bandung. Manéhna jiga nu enya, curhat, nyarikakeun sagalarupa anu karandapan ku manéhna. Percaya teu percaya, da teu ka tempo jelmana. Sok sanajan aya potona. Uing masih rada cangcaya. Sabab jaman ayeuna naon baé bisa dirékayasa. Perasaan oge bisa dirékayasa sangkan bisa meunang sagala rupa. Supaya leungit rasa cangcaya, uing ngawawanenkeun ménta nomer teleponna. Sakalian rek ngeureunan pésbuk. Geus dua minggu. Uing teu kaluar kamar. Sugan wé, ari geus beunang nomer hapéna mah bisa ka gentian ku sms. Uing bisa panggih deui jeung jelma bungkeuleukan. Suganteh rék hésé, karak ogé nanya boleh teu saya minta nomer hapéna, langsung kotan dibales ku nomerna. Masih kénéh rada cangcaya, bisi éta nomer teu puguh. Untung pulsa uing masih kénéh aya, langsung we harita teh ditelepon. Enya euy, sora anu aya dina telepon teh sora awéwé. Mani mencrang, geunah kadéngéna. Sagala rupa anu dicaritekeun dina pésbuk sarua. Geus leungit ayeunamah rasa cangcaya téh. Mojang Bandung jelma beneran.

Geus saminggu. Pésbuk ditinggalkeun. Uing bisa manggihan tukang baso, bi Kanah nu boga warung di handapeun kamar kosan. Tukang saté, tukang goréngan, tukang kopi. Ayeuna geus bisa panggih deui jeung jelma bungkeuleukan. Ngan angger, leungeun teu daek cicing. Eureun mencétan kibor laptop, ayeuna diganti ku smsan. Masih jeung Mojang Bandung anu geus ganti ngaran jadi Euis. Euis, mojang bandung. Uing ayeuna jadi katergantungan kana teknologi deui. Gelo. Kudu eureun. Sok sanajan sagalana karasa gampang, tapi da ari kieu jalanamah lila-lila angger ruksak. Hayuh wé nungguan sms, teu kaop hapé kat nggaleun samenit, karasana asa teu dahar, dua poé. Capé. Ieu ogé kudu dieureunan. Tapi ké heula, uing can panggih jeung Euis. Uing kudu panggih heula jeung Euis. Sabab manehna kudu tanggung jawab. Uing geus sabulan teu manggihan jelema alatan manehna.

Tapi basa rek dipanggihan. Uing rada mikir deui, boa-boa bener ceuk pangakuanna, yén poto anu aya dina pésbukmah lain poto manéhna. Kukuring dipaksa ngarah diganti jadi poto manéhna, angger nolak. Cénahmah bisi kuring kuciwa kenal ka euis. Tapi da lamun enyaan eta poto nu dipasang dina pésbuk, poto manehna sorang, sumpah tah, uing rek tobat tujuh poe tujuh peuting. Ngaunduhan pilem Miabi oge rek di eureunan. Da geus teu kurang nanaon deui. Euis mojang Bandung bener-bener alus. Leuwih alus tibatan Miabi jeung Leah Dizon. Komo deui si Chika bintang ditataranjang internétmah, liwat. Tapi éta ogé mun bener. Geus lah, naon wae kaayaanna uing rék ka Bandung. Rék manggihan Euis. Rék ngaleungitkeun kapanasaran. Tas éta, internét, hapé, telepon rek dieureunan. Bae teu apal dunya internasional ogé. Nu paling penting, uing mun aya nanaon bisa langsung panggih jeung jelemana. Kitu deui nu aya kaperluan ka uing langsung manggihan uing, lain manggihan si Véronika.

____________***____________

Geus saminggu. Uing ngerem deui di jero kamar. wadah urut kadaharan pabalatak teu kawadahan ku wadah sampah. Pakéan pabalatak teu puguh tempat, ca aya nu diseueuh hiji-hiji acan. Kamar acak-acakan teu puguh rupa. Euweu internét. Euweuh pésbuk. Euweuh sms. Euweuh télpon teu puguh wayah. Bébas. Di kamar hotel. Di Bandung. Boga kaulinan anyar.
“Kang, deui…” Euis metot uing ka jero selimut deui.

Ciputat, kamar panineungan, 03 Mei 2009. (23.33 WIB)

Comments

Popular posts from this blog

EUIS

Festival Kopi Flores tanggal 15-17 September 2016 di Bentara Budaya Jakarta, Palmerah Jakarta